v BASA RAKYAT
Basa
mangrupa salasahiji unsur tina kabudayaan. Dina basa aya nu disebut babasan jeung paribasa. Paribasa, numutkeun kamus umum basa Sunda; Paripaos, basa
pakeman, kalimah nu geus matok sarta ngandung pituah/piluangeun.
v UNGKARA TRADISIONAL
Numutkeun
Alan Dundes, paribasa atawa ungkara tradisional hésé diartikeunna. Malah ceuk
Archer Taylor, paribasa téh teu mibanda arti. Ari sawangan nu bieu téh teu
dipanujuan ku Dundes, sabab sok sanajan hésé ogé urang bisa narekahan ku hal nu
séjén.
Cervantes ngartikeun yén
paribasa téh kalimah pondok anu dicokot intisarina tina pangalaman nu panjang.
Sedengkeun ceuk Betrand Russel, paribasa téh mangrupa kawijaksanaan jalma loba
nu mangrupa kaparigelan hiji jalma (The
wisdom of many, the wit of one)
Paribasa
bisa dibagi kana opat golongan;
- Paribasa anu sabenerna. Nya éta, ungkara tradisional nu mibanda sipat-sipat saperti;
A. Kalimahna lengkep.
B. Dina wangunna,
sasarina kurang ngalaman parobahan.
C. Ngandung ajén
bebeneran jeung kawijaksanaan.
- Paribasa anu teu lengkep kalimahna. Ieu paribasa téh mibanda sipat-sipat nu khas, di antarana;
A. Kalimahna teu lengkep.
B. Wangunna sok robah.
C. Jarang ngungkabkeun
kawijaksanaan.
D. Sipatna kiasan.
- Paribasa Umpama (perumpamaan). Nya éta ungkara tradisional anu dimimitian ku kecap-kecap saperti jeung siga.
- Ungkara-ungkara nu mirip jeung paribasa. Nya éta babasan-babasan nu digunakeun keur ngahina (insult) saperti; Nyeletuk (retort), sindir, sampir, jawaban pondok nu seukeut,jeung mangrupa ucap-ucap nu matak nyeri kana haté.
Klasifikasi éta téh dumasar kana wanda nu
digunakeun ku urang Amerika. Hal éta ogé dipaké pikeun ngabagi ’peribahasa
Indonesia’. S. Keyzer misalna, ngabagi paribasa kana lima golongan; 1. Paribasa
ngeunaan sasatoan. 2. Paribasa ngeunaan tutuwuhan. 3. Paribasa ngeunaan manusa.
4. Paribasa ngeunaan anggota kulawarga. 5. Paribasa ngeunaan fungsi anggota
awak.
Tina sajumlahing babasan atawa paribasa
anu hirup dina basa Sunda, lamun ku urang dititénan ungkara atawa eusina,
umumna ngébréhkeun kahirupan urang Sunda anu masih kénéh dina pola agraris. Hal ieu bisa dititénan dina
ngaran-ngaran tutuwuhan, sasatoan, atawa kabiasaan sapopoé anu nyampak dina
babasan atawa paribasa.
Tapina sabalikna, sanggeus urang Sunda
wawuh kana ambahan kahirupan anyar
–widang industri cindekna mah- teu katémbong karancagéanana dina
ngagelarkeun babasan atawa paribasa anyar. Ana kitu, babasan atawa paribasa anu
hirup (kénéh) nepi ka kiwari téh ukur jadi ‘warisan’ wungkul ti jaman-jaman nu
tukang. Ieu warisan téh teu mustahil
beuki dieu mah bakal beuki kicup, sabab nungtutan terus maréplékan-laleungitan;
Tepi ka ahirna mah geus teu dipikawanoh
deui ku urang Sundana sorangan, lantaran geus teu produktif.
v FUNGSI PARIBASA
Saperti
ogé folklore lisan, umumna paribasa
téh salaku sistem proyéksi, salaku alat, ngesahkeun pranata-pranata jeung
lembaga kabudayaan, salaku atikan keur budak, jeung salaku alat nu ngatur
norma-norma masyarakat sangkan digugon (Baccom, 1965)
Paribasa
mibanda fungsi salaku alat komunikasi, utamana dina kadali masyarakat (social kontrol) anu sacara kongkrit
ngiritik hiji jalma anu ngarempak kana norma-norma di masyarakat. Ngahina hiji
jalma ku ngagunakeun paribasa leuwih keuna kana haté batan hinaan sacara
langsung. Hal éta disababkeun paribasa teu miboga sipat keur sadirieun hiji
jalma.
Salian
éta, salasahiji fungsi basa téh bisa dipaké pikeun ukuran kapinteran hiji jalma. Contona, ku ngucapkeun paribasa téh
éta jalma bakal diajénnan salaku jalma nu wijak.
Kacindekanana,
paribasa téh mibanda fungsi salaku alat pikeun meunang hiji ‘penghargaan’ ti
masyarakat.
CONTO BABASAN JEUNG
PARIBASA
1. Ambon sorangan : Bogoh nyabeulah, alatan teu
dilayanan
2. Asa dijual teu payu :Diantep ku sakabéh jalma, euweuh
nu nakon
3. Asa ditincak hulu : Asa dihina, disapirakeun, teu
dihargaan.
4. Samar polah samar rasa : Teu puguh laku sabab panggih jeung nu
dipicinta
5. Muncang labuh ka puhu : Jalma nu ngumbara tuluy balik ka asal
6. Nyolok mata buncelik : Ngalakukeun hal nu matak nganyerikeun
batur, bari jeung di hareupeun jalma loba
7. Sajeungkal dijieun sadepa : Carita jalma nu sok ditambahan dipapantes,
dipasieup,
dijiga-jiga nepi ka leuwih hebat batan nu
sabenerna.
8. Pacikrak ngala merak : Ngagambarkeun kaayaan nu teu
saimbang
9. Endog tara megar kabéh : Sanajan saindung-sabapa, tapi ari urusan
rejeki mah can tangtu sarua
10. Goong saba karia : Datang sakarepna sorangan,
sanajan teu diondang
11. Goong nebeuh manéh : Ngagulkeun diri sorangan atawa kulawarga
12. Teu diambeuan : Teu diajénan atawa teu
dihargaan
13. Ditiung sanggeus hujan : kakara iatna, sanggeus cilaka (teu ti
saméméhna)
14. Tuang jinis : Nyeungseurikeun guguyon sorangan,
sabab batur mah taya nu seuri
15. Ngalebur tapak : Ninggalkeun kalakuan goréng,
milampah nu hadé baé.
16. Ngodok liang buntu : Sarua jeung capé gawé teu kapaké.
17. Kéjo asak, angeun datang : Sapagodos jeung maksud nu rék ditepikeun
18. Nyanghulu ka jarian : Ngadunungan jelema nu sahandapeun
harkatna
20. Ngahileud peuteuy : Ngahalang-halang pakarepan batur
21. Haréwos bojong : tumerap kana rusiah, nu geus
jadi rusiah umum
22. Ginding kakampis : tumerap ka jalma anu papakéanana
ginding, tapi taya duittan
23. Gede cahak leutik cohok : Loba kahayang batan pamasukan
24. Gantung teureuyeun : Ngarasa keur kakagokna, saperti
contona keur ngeungeunahna dahar dititah gawé
¨SISINDIRAN
A. Perkara Sisindiran
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa
caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra sunda
anu disebut sisindiran téh nya éta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa
kalayan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh
dibungkus ku cangkangna.
Wangunan sisindiran kauger ku purwakanti,
jumlah enggang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana.
Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran ( puisi ).
B. Papasingan Sisindiran
Upama ditilik tina wangun jeung cara
ngébréhkeunnana, sisindiran téh dibagi jadi tilu golongan, nyaeta:
a) Rarakitan; b) Paparikan; c) Wawangsalan
a. Rarakitan
Rarakitan nya éta sisindiran anu diwangun
ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh padapapak di puhuna (
mindoan kawit ). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora
sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan ( laraswekas ). Tapi laraswekas nu
aya dina sisindiran mah nya éta laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok.
Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (delapan) engang. Jumlah
padalisan dina sapadana magrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu popular
teh rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisan ; dua cangkang jeung dua
eusina.
Perhatikeun conto rarakitan di handap!
Mun teu tulus ka paseukna,
kapancirna
oge hadé
Mun
teu tulus ka lanceukna,
ka
adina oge hadé
Rarakitan di luhur
diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua eusi. Padalisan hiji dina cangkang,
dimimitian ku kecap mun, sarua jeung
padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang dimimitian ku kecap ka, sarua jeung padalisan kadua dina
eusi. Hartina, cangkang jeung eusi téh padapapak puhuna saperti rakit, nu matak
disebut rarakitan Bisa oge disebutkeun, cangkang jeung eusi téh mangrupa
purwakanti mindoan kawit.
Ayeuna tengetan engang panungtungna. Engang
panungtung padalisan kahiji dina cangkang nya éta na murwakanti jeung engang panungtung padalisan kahiji dina eusi.
Engang panungtung padalisan kadua dina cangkang nya éta dé, murwakanti jeung engang panungtung padalisan kadua dina eusi.
Jumlah engangna dina unggal padalisan aya
dalapan engang. Geura urang rucat hiji-hiji:
Mun-teu-tu-lus-ka-pa-seuk-na (8 engang)
ka-pan-cir-na-o-ge-ha-dé
(8 engang)
Mun-teu-tu-lus-ka-lan-ceuk-na (8 engang)
ka-a-di-na-o-ge-ha-dé (8
engang)
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa
digolongkeun kana tilu golongan nya éta rarakitan silihasih, piwuruk, jeung
sesebréd.
1) Rarakitan silihasih, nyaeta rarakitan anu eusina
silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:
Daek sotéh ka cikonéng,
ka Cisitu mah teu purun.
Daek sotéh ka nyi Oneng,
ka nu itu mah teu purun.
Sapanjang jalan Soreang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang
tacan kasorang,
moal weléh diakalan.
Hayang teuing buah hiris,
teu bisa ngaasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
teu bisa ngakalanana.
Hayang teuing angeun waluh,
arék didahar jeung cabé.
Hayang teuing geura wawuh,
arek diajak ka lebe.
Hayang
teuing beunteur leutik,
ambéh teu seukeut cucukna.
Hayang
teuing teuing nganteur balik,
ambéh deukeut jeung lanceukna.
2) Rarakitan piwuruk, nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk
atawa naséhat. Contona:
Lamun urang ka Cikole,
moal hésé tumpak kahar.
Lamun urang boga gawé,
moal hésé barang dahar.
Sing
getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing
getol néangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
Lamun urang ninun kantéh,
ulah resep maké poléng.
Lamun urang leutik kénéh,
ulah resep ngomong goréng.
Lamun
hayang nyieun pager,
kudu daék mawa paku.
Lamun hayang jadi pinter,
kudu daék maca buku.
Lamun urang melak salam,
kudu daék ngrawatna.
Lamun urang ngaku islam
kudu daék jeung solatna
3) Rarakitan sesebréd,
nya éta rarakitan anu eusina banyol atawa lulucon. Contona;
Majar
manéh cengkéh konéng
Kulit
peuteuy dina nyiru
Majar
manéh lengkéh konéng
Kulit
beuteung meni nambru
Abdi
mah alim Ka Bandung
Hayang
sotéh ka Cibaluh
Abdi
mah alim dicandung
Hayang
sotéh mun diwayuh
B.
Paparikan
Kecap
paparikan asalna tina kecap parek nu
hartina deukeut. Nilik kana wangunna paparikan téh méh sarimbag jeung
rarakitan. Bédana, paparikan mah henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit).
Tapi, ukur deukeut sorana, sarta murwakanti dina unggal padalisanna (purwakanti
laraswekas). Lebah jumlah padalisan dina
sapadana jeung jumlah engang dina unggal padalisanana, henteu béda jeung
rarakitan. Contona;
Boboko
ragrag di imah
Ninggang
kana pileuiteun
Mun
bogoh montong ka sémah
Ari
anggang sok leungiteun
Paparikan
di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji
dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan kahiji dina eusi. Kitu deui
padalisan kadua dina cangkang, padeukeut sora jeung padalisan kadua dina eusi.
Sora tungtung padalisan kahiji dina cangkang, murwakanti jenung sora tungtung
padalisan kahiji dina eusi.
Ditilik
tina eusina, paparikan ogé dipasing kana tilu golongan; Nya éta paparikan silih
asih, piwuruk, jeung sesebréd.
1)
Paparikan silih asih, nya éta paparikan anu eusina silih
asih, cinta, atawa birahi. Contona;
Meuncit meri
dina rakit
Boboko wadah
bakatul
Lain nyeri ku
panyakit
Kabogoh
direbut batur
Samping
hideung dina bilik
Kumaha
nuhurkeunana
Abdi
nineung ka nu balik
Kumaha
nuturkeunana
2)
Paparikan piwuruk, nya éta paparikan nu eusina piwuruk
Ka
kulah nyiar kapiting
Ngocok
lobak bobodasna
Ulah
sok liar ti peuting
Osok
loba gogodana
Kanikir
siki kanikir
Cangkudu
beunang panimui
Kapikir
beuki kapikir
Hirup
kudu loba élmu
3)
Paparikan sesebréd, nya éta paparikan nu eusina banyol atawa
lulucon
Itu
gunung ieu gunung
Diadukeun
pakbeledug
Itu
pundung ieu pundung
Marebutkeun
mojang budug
Daun
hiris dibeungkeutan
Dibawa
ka juru leuit
Anu
geulis ngedeukeutan
Hayangeun
dibéré duit
C. Wawangsalan
Wawangsalan
téh nya éta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun
deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun,
tapi kudu ditéangan dina bagian eusi
Contona;
Abdi
téh kapiring leutik
Kaisinan
ku gamparan (pisin)
Alun-alun
pileuweungan
Gagal
temen mun teu jadi (tegal)
Areuy
leuweung mérang daun
Ulah
sok japilus galih (pulus)
Awi
ngora téh jaradi
Temah
matak jadi liwung (iwung)
Aya
nu dianjing cai
Aya
nu dihéroan (séro)
Ayeuna
gé séréh tegal
Engkang
mah sok matak peurih (eurih)
Bangkong
lodor meuntas jalan
Titis
tulis bagja awak (bayawak)
Bén
tang baranang di imah
Samar
bisa tepung deui (damar)
Beulit
cingir simpay tangan
Ulah
lali ka sim abdi (ali)
Cakcak
gedé kadal bilik
Ulah
dipaké mokaha (toké)
Jampana
bugang dadakan
Panasaran
diri abdi (pasaran)
Kadeuleu
langir caina
Kayap-keyep
anu geulis (keuyeup)
Laleur
hideng panyeureuhan
Kilangbara urang jadi (bangbara)
¨BASA RAKYAT DINA PROSA (DONGÉNG)
- Perkara Dongéng
Dongéng
nya éta carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Mémang
aya ogé dongéng anu kesan pamohalanana téh teu karasa, nya éta dongéng- dongéng
anu nyaritakeun kahirupan sapopoé, upamana dongéng Si Kabayan.
Kesan
pamohalan dina dongéng, upamana baé dina carita fabel (ngeunaan sasatoan) nu bisa nyarita kawas manusa. Eusi
dongéng téh umumna ngandung atikan moral. Upamana baé jalma bener tangtu
meunang pahala, jalma salah tangtu cilaka.
Palaku
dina dongéng mah bisa saha baé, bisa sasatoan, tatangkalan, manusa, gunung,
jin, siluman, jsb. Aya kalana latar tempat jeung latar waktuna ogé ngandung
unsur pamohalan, atawa henteu luyu jeung sajarah.
- Papasingan Dongéng
Dumasar
kana eusina, dongéng téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Nya
éta; (1) Dongéng sasatoan. (2) Dongéng sasakala. (3) Dongéng babad; (4) Dongéng
jelema biasa; (5) Dongéng paranabi/ wali; (6) Dongeng pieunteungen; (7) Dongéng
pamuk.
1. Dongéng Sasatoan ( fabel )
Dongéng sasatoan
( fabel ) nya éta dongéng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun
kawas jelema, upamana baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. contona
dongéng-dongéng Sakadang Kuya jeung
sakadang Monyet atawa dongeng Sakadang
Peucang, jsb.
Dongéng-dongéng Sakadang Kuya jeung
Sakadang Monyet téh bisa jadi mangrupa dongéng sasatoan pituin urang Sunda. Béda
jeung dongeng-dongeng anu palakuna sato séjén. Dongéng-dongéng Sakadang
Peucang, upamana, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh pangaruh tina
sastra Jawa.
2. Dongéng Sasakala ( legénda )
Dongeng sasakala ( legénda
) nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun asal-muasalna kajadian hiji tempat,
barang sasatoan atawa tutuwuhan. Contona dongéng “ Sasakala Situ Bagendit
“, “ Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
“, jeung “ Sasakala Talagawarna “ nu nyaritakeun asal-muasalna hiji tempat (
situ jeung gunung ); “ Sasakala Maung
Panjalu “, “ Sasakala Uncal Tandukan
“ ( sasatoan ), “ Sasakala Paré ” (
tutuwuhan ), jeung sajabana.
3. Dongeng Babad ( Sage )
Anu dimaksud dongéng babad
( sage ) téh nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu
ngandung unsur sajarah. Upamana baé “ Dongeng Kéan Santang “, “ Dongeng Séh
Abdul Muhyi “, “ Dongéng Prabu Siliwangi “, “ Dongéng Dipati Imbanagara “, “
Dongéng Sunan Permana di Puntang “, jeung sajabana.
4. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa ( Parabel )
Dongéng
Kahirupan Jalma Biasa ( Parabel ) nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun jalma
biasa. Conto anu paling kamashur dina Sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si
Kabayan.
Tokoh Si
Kabayan kacida dipikawanohna ku urang Sunda. Gambaran umum ngeunaan Si Kabayan
nya éta jalma anu ngedul tapi loba akal. Malah aya anu nyebutkeun “ jelema bodo
tapi pinter “ . Salian ti eta, Si Kabayan oge dianggap tokoh lucu. Nepi ka loba
anu nyieun carita lulucon anu ngagunakeun tokoh Si Kabayan.
Dongéng-dongéng
Si Kabayan anu populer di kalangan masyarakat Sunda di antarana “ Si Kabayan Ngadeupaan
Lincar “, “ Si Kabayan Ngala Nangka “, “ Si Kabayan Ngala Tutut “, jeung “ Si Kabayan
Kasurupan “. Salian ti éta, loba dongéng-dongéng Si Kabayan rékaan anyar; atawa
carita anu ngagunakeun tokoh Si Kabayan saperti “ Si Kabayan Jadi Dukun “ beunang Moh. Ambri ( saduran tina “ Tabib
Titiron “ beunang moliere ), “ Lebé Kabayan “ beunang Ahmad Bakri, jeung serial
“ Si Kabayan Jeung Raja Jimbul “ beunang Min Rasmana.
5. Carita Paranabi/Wali
Carita Paranabi/Wali teh kaasup kana mite nyaeta carita anu eusina patali
jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal anu gaib.
Dina ieu pedaran, husus ngeunaan carita
parita/wali henteu disebut dongeng
paranabi/wali, saperti nu aya ina GBPP.
Ari sababna, bisi salah tapsir, yen carita paranabi/wali teh ngan saukur dongeng
wungkul anu mangrupa carita rékaan. Padahal anu dimaksud di dinya mah nya éta
carita-carita anu eusina nyaritakeun perkara anu aya patalina jeung
paranabi/wali. Upamana baé ngeunaan kasaktén jeung wewesén parawali. Naha éta
téh carita rékaan atawa dongéng wungkul atawa enya-enya kajadian ? Jawabanana
pasti rupa-rupa, luyu jeung kayakinan masing-masing. NU matak dina ieu pedaran
mah henteu ngagunakeun istilah “ dongéng “, tapi “ carita “.
Di masarakat urang, carita paranabi/wali
teh hirup tur sumebar nepi ka kiwari. Upamana baé carita ngeunaan Nabi Hidir,
carita-carita sabudeureun Sunan Gunung Jati katut Walisanga séjénna, Séh Abdul
Kodir Jaelani, jeung sajabana.
6. Dongeng Pieunteungeun
Anu dimaksud dongéng pieunteungeun di dieu
nya éta dongeng anu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa. Bisa dongéng
sasatoan, dongéng jalma biasa, jeung sajabana.
7. Dongeng Pamuk
Anu dimaksud dongéng pamuk téh nya éta
dongeng anu myaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma, tur biasana aya
patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contona; Wewesén Aki Sayang Hawu nu dicutat tina Babad Sumedang.
§ BASA RAKYAT DINA MANTRA
A. Perkara Mantra
Ditilik
tina wangunna mantra téh mangrupa
puisi (wangun ugeran). Sok sanajan teu matok aturanana atawa teu ditangtukeun
guru laguna (sora engang panuntung), guru wilangana (jumlah engang dina
padalisan), jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ugeran atawa aturan
puisi téh bakal karasa upama dibaca (dipapatkeun). Dina éta mantra, bakal aya wirahma jeung purwakanti.
Purwakanti
jeung wirahma nu aya dina mantra téh lain ngan saukur mubanda ajén inajén
kaéndahan (estetis) wungkul, tapi aya maksud-maksud anu leuwih jero ti éta, nya
éta ngandung kakuatan gaib (magis). Basa anu digunakeunana ogé kawilang ahéng,
sipatna eksitoris atawa hésé ditangkep maksudna.
Eusi
mantra anu dianggap ngandung kakuatan gaib téh dipapatkeun ku nu boga maksud
hayang meruhkeun nu séjén atawa nanjeurkeun kakuatan jeung komara pribadi.
Tujuan
digunakeunana mantra téh di antarana pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan diri
pinunjul, sangkan padamikaasih, sangkan bedas, salamet, gedé sima, jsb.
B. Gelarna Mantra
Numutkeun
sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animismeu/dinamismeu, raket
patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana,
kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal éta kapanggih dina
sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan basa Arab. Bisa jadi sahiji bukti,
sanajan urang Sunda geus ngagem Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna
kapercayaan warisan karuhunna.
C. Papasingan Mantra
Ditilik
tina fungsi jeung suasana ngedalkeunana, nu kaasup kana mantra téh nya éta;
jangjawokan, asihan, singlar, ajian, jampé, jeung rajah. Conto;
1. Asihan
Asihan
disebut ogé pélét. Dpapatkeun sangkan
nu séjén mikaasih. Conto;
ASIHAN SI BURUNG PUNDUNG
Nu cunduk bayu Si Anu
Nu datang atmana Si Éta
Reujeung satineung jeung
aing
Mangka datang jeung
ragana
Mangka cunduk jeung
bayuna
Mangka naranya jeung
satineung
Mangka nunggal atmana
Iya rasa niraIya rasa
nisunSaking purba ning pangéran
Asih ka asih awaking
Nu bogoh paboro-boro
Nu hayang paheula-heula
Nu beuki pagiling-giling
Nu bayu pagulung-gulung
Nya atma paheula-heula
Mangka reujeung satineung
Da tungkul geusan jeung
sukma
............... jeung
saterusna
2. Ajian
Ajian téh
dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan, kasaktén, kabedasan, jeung
sajabana. Contona;
AJIAN KABEDASAN
Sang Balégadung bakaling
Jagat
Sang Balégading bakaling
langit
Sang Baléputih bakaling
bumi
Sakata hé nyawa punika
Ana ingsun kabéh
Ya ingsun karsa datulloh
(Moh. E. Idris, Wanayasa)
3. Singlar
Singlar
dipapatkeun maksudna pikeun nyinglar atawa nyingkahan hal-hal anu teu
dipikahayang, saperti kasakit, siluman-silemin, jeung sajabana. Contona:
SINGLAR HAMA PEPELAKAN
Seuri celeng bang celeng
bang Palembang
Geura los geura leumpang
Ka sabrang ka Palembang
Ka kajagi ka patani
Ka batan ka tulangbawang
Ka nu héjo lolopongan
Ka nu hideung siga nila
Di dinya kahanan sira
Istan! Istan! Istan!
4. Jampé
Jampé
dipapatkeun/dipaké pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa
kabiasaan anu teu hadé supaya jadi hadé, cageur, jsb. Contona;
JAMPÉ KA BUDAK NU SOK
CEURIK BAÉ
Nyi Ara-ara
Nyi Iri-iri
Ulah sok jail ka adi
Tuh, da sia bawa ngajadi
Jep, meneng si jabang
bayi
5. Rajah Pamunah
Rajah
pamunah dipapatkeun maksudna sangkan salamet, henteu kakeunaan ku hal-hal anu
teu dipikahayang, saperti barang aya nu maling, keuna ku panggawé batur.
RAJAH PAMUNAH BISI HARTA
BANDA
KEUNA KU LONGLONGAN
Bismillahirrohmanirrohim
Nini Raja Puhara
Aki Raja Puhara
Ulah iri ka pepelakan
aing
Maring paré maring sipat
sajeneng
Kalawan ingsun sasipat
Kalawan ingsun
maujudMaring datulloh
Seuri asih ka bangsa
tunggal
Seuri suci mulya badan
Sampurna tunggal iman
Ambu pancering iman
Bapa tangkaling iman
Aing gagang iman
6. Jangjawokan
Jangjawokan
dipapatkeun pikeun ménta kasalametan. Upama arék indit-inditan, ngamimitian
hiji pagawéan, jrrd. Contona;
JANGJAWOKAN NYIUK BÉAS
Siuk dengdeng siuk
langgeng
Nu hurip ulah keuna ku
gingsir
Nu langgeng ulah keuna ku
owah
Mangka tetep mangka
langgeng
Langgeng di paniisan
Berkah solawat salam
Wassolatu wassalamu
alaikum
Wa rohmatulloh wa
barokatuh
Tidak ada komentar:
Posting Komentar