Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken na



Rarangkén -na mangrupakeun salah sahiji rarangkén tukang (en:suffix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén -na ngawangun wanda kecap barang, pagawéan, sipat, jeung bilangan.

Salian ngarobah harti, rarangkén -na ngalaman parobahan sora (alomorf).

Rarangkén -na: parubahan sora (en:alomorf)
Robah jadi
nalika wangun dasarna...
Conto:
-ana
ngantét kana kecap anu geus dirarangkénan ku -eun, -an, atawa -keun
bawaeunana, bacaeunana, tiluananan, kabéhanana, mawakeunana
-nana
ngantét kana kecap, diantarana dua, atawa éta
duanana étanana

Rarangkén -na: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
barang
milik (jalma katilu)
bajuna, imahna, duitna
barang
"anu bakal tangtu ..."
alusna, pantesna
sipat
"nincak kana waktu ka..."
tujuhna, sapuluhna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar