Sabtu, 01 Maret 2014

Sisindiran Paparikan



Sisindiran; Kumpulan Paparikan Sésébréd
Di handap ieu mah mangrupa conto-conto Paparikan anu watekna sésébréd, banyol, heureuy, jeung sakapeng mah kacampuran ku cawokah samalah aya anu jorang sarta porno alias “porosot nolol”, éh, “porosot nonghol”. Naha nya? Duka atuh, sigana mah pedah heureuy urang Sunda (jeung heureuy urang Manaboa) téh teu bisa dipisahkeun tina nu ngarana cawokah! Meureun!
Sawaréh tina Paparikan-paparikan ieu dicutat tina lagu Sisindiran-na
Kang Doel Sumbang. Anapon anu dimaksud Paparikan, bisa diilo dina ieu tulisan.
Basa pondok osok nyogok
basa panjang osok nyugak
Anu pondok jadi orok
anu panjang jadi budak
Caang bulan opat belas
teu kaduga ku poékna
Aya bujang baju bodas
teu kaduga ku korétna
Cai mulang cai malik
cai ngocor ka astana
Panon burial buncelik
da kadempét étanana
Cau naon cau naon
cau kulutuk di juru
Bau naon bau naon
bau nu hitut di juru
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok
Cikur jangkung jahé konéng
lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung konéng
puguh mah bureuteu hideung
Daun jarak dibeungkeutan
dibawa ka jalan gedé
Anu harak ngadeukeutan
hayangeun dibawa hadé
Écét écét oét oét
ngaronda ngarurek belut
Kapélét kuring kapélét
ku randa nu gedé hitut
És lilin kalapa muda
dibawa diorong-dorong
Abdi resep ka nyi randa
lamun mandi sok ditoong
És lilin ku amis tiis
leuwih ngeunah ti és télér
Abdi isin ku nu geulis
dikiceupan jol ngagolér
Ka Bandung tuluy ka Bogor
di Cianjur meuli bonténg
Kasiksa boga kabogoh
sungutna bau spiténg
Ka Banjaran ka Cikajang
ka Lembang ka Pamonokan
Panasaran ku nu lenjang
hayang nyobaan mondokan
Kéréték kudana beureum
ditumpakan anak Cina
Kapélét ku randa eusleum
unggal poé kuring jinah
Ki Hiang nu meunang nuar
disugu pikeun jualeun
Kahayang meunang nu beunghar
puguh mah jalma kuuleun
Lima kirang tilu dua
nu ngitung tos bener deui
Waos tilu punglak dua
kantunna tos ungger deui
Manuk gaak macok kupat
kecok deui kecok deui
Diwedak reujeung disipat
dekok deui dekok deui
Meuleum manggu tengah poé
dicokélan kayu api
Malem minggu ninggang sué
diapélan aki-aki
Meuli topi meuli koper
selop rumput dibungkusan
Nyai koki ngaku pinter
ngesop buntuk ditungguan
Pa Suma gawéna dahar
mun bedug bakal ditéwak
Percuma dibéré beunghar
mun budug saawak-awak
Pipiti di bunga wari
kaso panjang diteukteukan
Resep ka randa kiwari
sono nganjang deudeukeutan
Pipiti dibunga wari
téténong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
hadé omong pangoloan
Poé Saptu poé Kemis
salasa heuleut-heuleutan
Saha itu muril kumis
leumpangna eundeuk-eundeukan
Sada ketuk sada kenong
sada suling eujeung goong
Huntuna nyénghol katémbong
lamun ngomong bau jigong
Ti Lélés ka Kadungora
jalana mani molongpong
Baheula nini téh ngora
ayeuna mah enggeus ompong
Turub cupu buli-buli
dipaké wadah hangasa
Daék sukur teu paduli
kami gé da moal maksa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar