Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken -n

Rarangkén N-
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Rarangkén hareup:
N-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti- ba- ting- pada- si- sang-
Rarangkén tengah:
-ar-, -um-, -in-,

Rarangkén tukang:
-an, -eun, -keun, -na,
Rarangkén barung:
ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika--eun, sa--eun,
Kotak ieu: temposawalaédit
Rarangkén N- atawa nasal mangrupakeun salah sahiji rarangkén hareup (en:afix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén N- ngawangun kecap pagawéan aktif jeung kecap sipat.
Salian ngawangun rupa-rupa wangun jeung harti, rarangkén N- ngalaman parobahan sora (alomorf) gumantung kana hurup awal kecap nu dihareupeunana.
Rarangkén N-: parubahan sora (en:alomorf)
Robah jadi
Nyanghareupan ...
Conto:
m-
b2), p
N- + baca --> maca
N- + pacul --> macul
n-
t
N- + takol --> nakol
ng-
k, a, w1)
N- + kaca --> ngaca
N- + ais --> ngais
N- + wétan --> ngétan1)
nga-
b, d, g, h, j, l, m, n, w, y
N- + balik --> ngabalik
N- + degung --> ngadegung
N- + wuluku --> ngawuluku
ny-
c, s
N- + cutat --> nyutat
N- + sapu --> nyapu
nge-
konsonan saengang
N- + tik --> ngetik
N- + bor --> ngebor
1) Ieu mangrupakeun sempalan, teu salawasna N- + w... --> ng..., kalolobaan robahna jadi ngaw...
2) Ieu mangrupakeun sempalan, teu salawasna N- + b... --> m..., kalolobaan robahna jadi ngab...
Rarangkén N-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
pagawéan aktif
"ngedalkeun ..."
ngadu'a, ngadongéng, nyarita, nyora
pagawéan aktif
"ngalakukeun ..."
maca, nginum, ngigel, ngaji, masak
pagawéan aktif
"ngalakukeun pagawéan ku/maké ..."
ngawuluku, nyugu, ngecrik, ngarit, ngabuldoser
pagawéan aktif
"ngalakukeun di ..."
masantrén, masar, ngaranca ngebon, nyawah, ngahuma
pagawéan aktif
"boga ..."
ngarasa
pagawéan aktif
"milampah saperti ..."
ngabdi, ngawula, ngajag
pagawéan aktif
"méré ..."
meunteun, ngahampura, ngahormat, ngama'lum
pagawéan aktif
"nyieun ..."
ngagambar, nyayur, nyambel, ngabordél, nyulam
pagawéan aktif
"ngalakukeun dina waktu ..."
ngalayung, nyubuh, moyan, meuting
pagawéan aktif
"nyieun jadi ...."
ngaruksak, meulah, ngalebur
pagawéan aktif
"nganggap ..."
ngahina, ngahampas, nyatru
pagawéan aktif
"aya dina kaayaan ..."
ngagolér, ngadayagdag, ngabaheuhay, ngedeng
pagawéan aktif
"dahar/nginum ..."
ngabaso, nyirop, nyoto, ngopi, ngemih
pagawéan aktif
"nyanghareup/ngajugjug ka ..."
ngiblat, ngalér, ngidul, ngétan, ngulon
pagawéan aktif
"ngaluarkeun sora ..."
ngagogog, ngagaur, ngahiem, ngabérélé, ngahahah, ngorosak
sipat
"kaayaan saperti ..."
ngolécér, nyagak, mayung, nanjeur
sipat
"boga sipat ..."
nyeni, nyentrik, ngedul, ngota

Tidak ada komentar:

Posting Komentar