Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken pa-an



Rarangkén pa--an mangrupakeun salah sahiji rarangkén barung (nl:confix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén pa--an ngawangun kecap barang.

Rarangkén pa--an: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
barang
"hal anu patali jeung ... "
paguyuban
barang
"gundukan ... " atawa "kumpulan ... "
pakampungan, pasawahan
barang
"tempat ... "
pabéasan, pamandian, pajagalan, pangangonan
barang
"hal anu jadi ... " atawa "hal anu di ... "
pausahaan, pakasaban
barang
"tukang ... " atawa "jelema nu biasa ... "
pamabokan, pamadatan, panipuan
barang
"dina kaayaan ... "
pamohalan

7 komentar: