Sabtu, 01 Maret 2014

Wawaran - Pengumuman



Pangajaran 5
Nepikeun Wawaran
Baca galantangkeun di hareupeun kelas ieu wawaran di handap!
Wawaran 2:

Assalamu’alaikun Wr. Wb.
Hatur uninga ka sadayana, saréngséna ulangan umum, di sakola urang rék diayakeun kagiatan Porseni. Ieu kagiatan téh badé lumangsung salami genep dinten, ti kaping 21 tepi ka 26 Nopémber.
Unggal kelas kedah ngintunkeun wawakilna boh pikeun pertandingan olah raga boh pikeun pasanggiri kasenia. Cabang olah raga anu rék dilombakeun nyaéta, maén bal, voli, jeung ténis méja. Ari kasenian anu rék dilombakeun nyaéta maca puisi, vokal grup, sareng drama.
Jalaran kitu, salaku KM sim kuring meredih ka sadayana, urang kedah ngarojong ieu kagiatan sarta ti ayeuna kedah nangtoskeun saha-sahana anu bakal janten wawakil kelas. Mugi-mugi kelas urang tiasa janten juara umum. Saurna, para pinunjul engké bakal dipaparin panghargaan ku Bapa Kapala Sakola.
Sakitu wawaran ti sim kuring. Hatur nuhun kana perhatosa ti sadayana.
Wassalamu’alaikum Wr. Wr.
(tina buku Sabasa 7A (Revisi) kaca 49 – 50)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar