Sabtu, 01 Maret 2014

Kalimah


[édit] Wangun Kalimah
[édit] Kalimah Salancar
Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).
  • Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
  • Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih (O+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan.
Kalimah Salancar
Pola
Conto
Basajan
J C (O+)
(1)
Kuring
/
dahar

J
+
C
(2)
Habibie
/
maréntah
/
nagara

J
+
C
+
O
Jembar
(K+) J C (O+) (K+)
(1)
Kuring
/
dahar
/
di kebon.

J
+
C
+
K
(2)
Habibie
/
maréntah
/
nagara
/
sataun lilana.

J
+
C
+
O
/
K
(3)
Ti taun 1998
/
Habibie
/
maréntah
/
nagara.

K
+
J
+
C
+
O
(4)
Ti taun 1998
/
Habibie
/
maréntah
/
nagara
/
sataun lilana.

K
+
J
+
C
+
O
/
K

Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta
  • katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
  • katerangan tempat:
    • maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
    • maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
  • katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
  • katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
  • katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
  • katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
  • katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.
[édit] Kalimah Ngantét
Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:
  • Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
  • Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna.
Kalimah ngantét satata ngabogaan pola: p(K+) p(J+) C p(O+) p(K+)
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan
Conto
1. Hubungan nambah
  • ... jeung ...
  • ... sarta ...
  • boh ..., boh ...
  1. Kuring dahar sangu jeung tahu.
    • Kuring dahar sangu.
    • Kuring dahar tahu.
  2. Dédi resep ngojay, boh keur leutik kénéh, boh geus kolot.
    • Dédi resep ngojay keur leutik kénéh
    • Dédi resep ngojay ayeuna geus kolotna.
2. Hubungan lalawanan
  • lain ... baé/wungkul, tapi ... (deuih)
  • ..., tapi ...
  1. Anu nyaho kana paripolahna téh lain kuring baé, tapi babaturan sasakola deuih.
    • Anu nyaho kana paripolahna téh kuring.
    • Anu nyaho kana paripolahna téh babaturan sasakola.
3. Hubungan pilihan
  • ... atawa ...
  1. Kuring téh bingung kudu indit ayeuna atawa isukan.
    • Kuring téh bingung kudu indit ayeuna.
    • Kuring téh bingung kudu indit isukan.

Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.
Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.
  • (A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
  • (B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan
Conto
1. Hubungan waktu: saprak, ti mimiti, basa, nepi ka, saméméh, sanggeus, waktu, jsb.
  1. Kuring keuna ku panyakit saprak jalan-jalan ka Talaga Bodas.
    • Kuring keuna ku panyakit. (lulugu)
    • Kuring jalan-jalan ka Talaga bodas. (sélér)
  2. Nepi ka karéta balik deui ka kota, manéhna tetep nungguan.
    • Manéhna tetep nungguan. (lulugu)
    • Karéta balik deui ka kota. (sélér)
2. Hubungan sarat: saupama, lamun, asal, jsb.
Manéh pasti junun sakola lamun diajarna rajin.
3. Hubungan tujuan: sangkan, supaya, ambéh
Ambéh teu ceurik deui, budak téh dipangku geura.
4. Hubungan babandingan: saperti, ibarat, kawas, tibatan

5. Hubungan sabab: sabab, lantaran, alatan

6. Hubungan akibat: nepi ka, akibatna, nu matak, ku kituna

7. Hubungan cara: kalawan, ku cara, bari

8. Hubungan kanyataan: padahal, ari, sedengkeun

9. Hubungan pangjéntré yén

10. Hubungan atributip: anu ..., nu ...-na

11. Hubungan konsésip: sanajan, sakumaha/kalah kumaha/naon/saha .. (baé) ogé


[édit] Fungsi Kalimah
[édit] Kalimah Wawaran
Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa méré nyaho ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan.
[édit] Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu ngabogaan fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.
Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:
(1) Lentong (id:intonasi) dirobah jadi lentong kalimah pananya jeung dina tulisan ditungtungan ku tanda tanya.
·         Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
·         Pananya: Baheula Habibie téh présiden?
(2) Maké kecap naha enya di hareupeun kalimah wawaran.
·         Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
·         Pananya: Naha enya baheula Habibie téh présiden?
(3) Malikkeun susunan kalimah wawaran, anu asalna J C, jadi C J.
·         Wawaran: Habibie téh présiden.
·         Pananya: Présidén Habibie téh?
(4) Maké kecap pananya, gumantung kana anu rék ditanyakeunana.
Wawaran: Baheula Habibie téh présiden di Indonésia
Pananya jalma:
·         Saha présiden di Indonesia baheula téh?
·         Présiden di Indonesia baheula téh saha?
Pananya waktu:
·         Iraha Habibie téh présiden di Indonesia?
·         Habibie téh présiden di Indonesia iraha?
Pananya tempat:
·         Di mana Habibie téh présiden?
·         Habibie téh présiden di mana?
Atawa pananya séjénna, maké kecap: kumaha, naha, jsb.
(5) Maké kecap lain atawa sanés (ragam hormatna)
·         Baheula Habibie téh présidén di Indonesia, lain?
·         Baheula Habibie téh présidén di Indonesia, sanés?
[édit] Kalimah Paréntah
[édit] Kalimah Panyeluk
[édit] Wanda Kalimah
[édit] Kalimah Aktip jeung Pasip
[édit] Kalimah Balikan jeung Babalesan
[édit] Kalimah Langsung jeung Teu Langsung
[édit] Kalimah Transitip jeung Intransitip
[édit] Kalimah Sampurna jeung Teu Sampurna
[édit] Warna Kalimah
[édit] Kalimah Barang
Conto:
  • Si Onih téh jadi panumbu catur dina acara paturay tineung.
[édit] Kalimah Pagawéan
[édit] Kalimah Sipat
[édit] Kalimah Bilangan
[édit] Kalimah Pangantét
Arjuna Wayang.jpg
Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar