Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken -um-



Rarangkén -um- mangrupakeun salah sahiji rarangkén tengah (en:infix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén -um- ngawangun kecap pagawéan jeung sipat.

Rarangkén -um- ngalaman parobahan posisi jadi rarangkén hareup lamun nyalusupan kecap anu dimimitian ku vokal.
Rarangkén -um-: parubahan sora (en:alomorf)
Robah jadi
nalika wangun dasarna...
Conto:
um-
dimimitian ku vokal
amis + -um- --> umamis
aing + -um- --> umaing

Rarangkén -um-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
pagawéan aktif
“ngalakukeun ...”
lumampah, lumaku, sumujud
pagawéan aktif
“migawé salaku ...”
kumawula
pagawéan aktif
“dina kaayaan ...”
bumetah, gumantung, tumamprak, sumerah
pagawéan aktif
“remen/tutuluyan ...”
lumengis, rumahuh, jumerit, sumegruk
sipat
“saperti/jiga ...”
gumading, lumého, kumincir
sipat
“saperti nu ...”
umaing, gumedé, kumasép, gumeulis, umamis, humaseum
sipat
“boga ...” (wangun dasarna kecap barang)
rumasa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar