Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken pa



Rarangkén pa- mangrupakeun salah sahiji rarangkén hareup (en:afix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén pa- ngawangun wanda kecap barang jeung kecap sipat.

Rarangkén pa- teu ngalaman parobahan sora (en:alomorf) kawas rarangkén N- atawa -na.
Rarangkén pa-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
barang
“nu biasa/pacabakanana ...”
patani, padagang, pamayang
barang
“anu ngalakukeun ...”
patugas, pagawé, pajoang, patandang, pamingpin
barang
“ anu jadi ...”
paudur
barang
“alat / nu dipaké ...”
panakol, paneunggeul, pangajul, pamupus
sipat
“aya dina kaayaan ...”
papisah, pagalo, paribut, paantel

Tidak ada komentar:

Posting Komentar