Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken di



Rarangkén di- mangrupakeun salah sahiji rarangkén hareup (en:afix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén di- ngawangun wanda kecap pagawéan, boh aktif, boh pasif.
Rarangkén di- teu ngalaman parobahan sora (en:alomorf) kawas rarangkén N- atawa -na.

Rarangkén di-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
pagawéan aktif
"ngalakukeun ... "
digawé, diajar, didamel
pagawéan aktif
"maké ... "
dikopéah, dibaju, dikabaya, disapatu, didasi
pagawéan aktif
"ngaluarkeun ... "
disada
pagawéan pasif
"kakeunaan pagawéan ... "
dibaca, dibilang, dibawa, dicokot, dikorupsi
pagawéan pasif
"kakeunaan pagawéan ku/maké ... "
dikompa, didongkrak, dibuldoser, disugu, dipacul
pagawéan pasif
"dijieun jadi ... "
diruksak, dijebol, dibentuk, dibulao
pagawéan pasif
"dibéré ... "
dihormat, dipeunteun, dihampura

Tidak ada komentar:

Posting Komentar