Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken pada



Rarangkén pada- mangrupakeun salah sahiji rarangkén hareup (en:afix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén pada- ngawangun wanda kecap pagawéan aktif, pasif, jeung kecap sipat.

Rarangkén pada- teu ngalaman parobahan sora (en:alomorf) kawas rarangkén N- atawa -na.
Rarangkén pada-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
pagawéan pasif
“loba kakeunaan ku pagawéan ...”
padangepung, padanyiwit, padamelong, padamoro
pagawéan aktif
“sarua ...”
padadagang, padadaék, padausaha
sipat
“sarua ...”
padakuat, padabeunghar, padageulis

Tidak ada komentar:

Posting Komentar