Pupujian
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa
Sunda
Pupujian nyaéta puisi buhun
anu eusina nyoko kana aj
aran agama Islam. Pupujian asalna
tina sa'ir, nyaéta puisi anu asalna tina sastra Arab. Ku
lantaran kitu, pupujian mah wangunna téh méh taya bédana jeung sa'ir, diwangun
ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi sanajan kitu, aya ogé anu diwangun ku dua
padalisan, genep padalisan, dalapan padalisan dina sapadana. Purwakanti anu aya dina pupujian umumna purwakanti laras wekas.
Sacara gurat badagna mah, fungsi pupujian téh aya anu mibanda fungsi
éksprési jeung aya nu mibanda fungsi sosial. Tapi dina kamekaranana, fungsi
sosialna leuwih gedé ti batan fungsi éksprésina.
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna
dibacana téh di masjid saméméh salat jamaah, di madrasah, pasantrén, jeung dina
acara-acara anu aya patalina jeung kaislaman.
Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha
golongan, nyaéta: (1) muji ka Gusti Alloh, (2) solawat ka
Kanjeng Nabi, (3)
do'a jeung tobat ka Pangéran, (4) pépéling, jeung (5) ajaran agama.
[édit]
Conto pupujian pépéling
Éling-éling dulur kabeh
ibadah ulah campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkirkeun pati
[édit]
Rujukan
- Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999
Tidak ada komentar:
Posting Komentar