Sabtu, 01 Maret 2014

Merankeun Tokoh Drama

Text Box: ....Pangajaran 1
Merankeun Drama
Baca naskah drama di handap, tapi saméméhna tangtukeun heula nu nyekel peranna. Lamun geus kacangkem, pék ragakeun di hareupeun babaturan di kelas.

BATU ASAHAN KEUR SAHA?
Karya Wahyu Wibisana


MAHASISWA NYAMPEURKEUN LÉNGSÉR, BADÉGA JEUNG SI KABAYAN.
Mahasiswa                  : Punten.
                                           Daramel naon ieu téh?
Badéga                          : Rampés.
                                            Ieu kuring tiluan keur badami.
Léngsér                         : Bagéa sumping
                                            nu anyar panggih
                                            hampura kuring
                                            ngomong ku kawih
                                            dipirig gending
                                            tartib tur rintih
Si Kabayan                   : Lain keur badami, keur tinghaluleng.
                                            Éta nu duaan.
Mahasiswa                  : Abdi terang, da ti tadi parantos ngupingkeun.
                                            Mang Kabayan naros ka Mang Léngsér jeung ka Mang Badéga, nya?
Si Kabayan                   : Enya.
                                            Naha biasa, tapi meureun disangkana tatarucingan, da mani uleng mikiran pijawabeunana.
 Léngsér                        : Tadi anjeun téh geus nanya.
                                            naha kapaksa,
                                            kuring néangan asahan,
                                            piwarang Raja,
                                            enya indit dipiwarang,
                                            lain kahayang sorangan.
                                            Najan kitu bongan kuring,
                                            Léngsér nagara,
                                            boga pancén anu pasti,
                                            bakti ka raja,
                                            jadi indit teu kapaksa,
                                            tapi darma wajib téa.
Si Kabayan                   : Kuring gé indit lantaran mitoha. Tapi kuring mah néangan asahan téh rék meunang rék henteu. Kuma kuring. Ari aranjeun néangan kudu meunang, nya?
Badéga                          : Enya kuring mah.
                                            Éta barang anu ditéangan kudu kapanggih.
                                            Kudu kabawa.
                                            Kudu dipasrahkeun ka dunungan kuring.
Léngsér                         : Anjeun mah jalma merdéka,
                                            jeroning hirup,
                                            tapi naha cukup éta,
                                            keur geusan hirup 
                                            hirup kumbuh reujeung batur,
                                            loba atar loba atur
Si Kabayan                   : Heu!
                                            Naon loba atar loba atur?
Léngsér                         : Atar ngéléhan sorangan,
                                            da ngarangan,
                                            ngaragangan batur urang
                                            keur sauuyunan,
                                            atur aturaning hirup
                                            salamet lantaran guyub.
Si Kabayan                   : Ah, teu ngarti kuring mah.
                                            Lain belet, tapi teu asup kana pikiran sorangan.
                                            Lantaran lain kitu.
Badéga                          : Ah, teu ngarti kuring mah.
                                            Lain belet, tapi teu asup kana pikiran sorangan.
                                            Lantaran lain kitu.
Badéga                          : ari ceuk anjeun kumaha?
                                            Cik, pok nyarita ambéh tétéla kumaha bédana.
Si Kabayan                   : Béda, embé jeung kuda!
                                            Kuda mah ngahieum jeung sok dititah ku dununganana, sina narik padati, jadi kuda umbal.
                                            Ari embé mah ngabérélé jeung tara dititah nanaon.
                                            Bau badot ceuk batur, da ceuk embé mah teu nanaon.
                                            Kitu tah.
                                            Kuring embé, aranjeun kuda.
                                            Jadi bé-da, béda.
Mahasiswa                  : Leres bénten.
                                            Nanging ké, urang wangsulan deui kana pamaksadan sadayana.
                                            Ieu téh tiluan nuju milarian batu asahan, sanés?
Badéga                          : Teu pindo catur, kuring ka dieu rék néangan batu asahan.
                                            Rék dibeuli, kitu pamundut ti dunungan.
                                            (NGOMONG SORANGAN)
                                            Sanajan upama geus dibikeun éta batu asahan, pasti dunungan aing beuki beunghar, ari aing .....?
Léngsér                         : Nya kitu pisan,
                                            néangan asahan.
                                            (NGOMONG SORANGAN)
                                            Sanajan nyaho keur Ki Logojo, hiji satria arék perlaya.
Mahasiswa                  : Mang Kabayan sami deuih?
Si Kabayan                   : Sarua néangan mah, tapi kuring mah asal bisa neuleu wungkul.
                                            Euweuh, teu naon sababna nu matak anjeun keur ditéangan?
Mahasiswa                  : Gaduh, nanging ......
                                            (MANÉHNA NYOKOT BATU ASAHAN TULUY DIBIKEUN KA NU LALAJO)
                                            Éta batu asahan parantos diical ka nu lalajo
Badéga                          : Lalajo naon?
Mahasiswa                  : Lalajo urang
Si Kabayan                   : (SEURI)
                                            Heuheuy, hirup mah ulah lalajo jeung dilalajoan, nya euy.
Léngsér                         : Euleung euy euleung,
                                            hirup mah da silihjeueung,
                                            euleung euy euleung,
                                            tamaha urang keur reujeung.



KANGJENG RAJA NGADEG DINA BANGBARUNG KARATON, PANGETOKAN GEUS DISADIAKEUN, SATRIA ARÉK DITUGEL JANGGA, LOGOJO GEUS NGAJEGA, TAPI TEU NYEKEL BEDOG, PUTRI NYUUH KA EMBAN. KATÉMBONG OGÉ SUDAGAR SURA-SEURI PINUH PANGHAREPAN. ARI DI IMAH SI KABAYAN, NYI ITOK NGAJANTENG BANGUN NU KEUHEUL DUMÉH SI KABAYAN CAN DATANG KÉNÉH BAÉ.

Sora Kabéh                           : Mana, mana batu asahan Cihea?
                                                    Kadieukeun!
Sora ti Karaton                     : Demi kawasana Raja, Raja!
Sora ti Imah Sudagar         : Demi tambahna rajakaya, Rajakaya!
Sora ti Imah Si Kabayan    : Rajét haté aing mah, da dikakaya ku sia!
Mahasiswa                            : (KA NU LALAJO)
                                                      Kadangu ku sadayana.
                                                      Aya sora Friedrich Wilhelm Nietzshe. Aya sora liberalisme klasik. Sareng, aya sora Si Kabayan.
                                                      Batu Asahan kagungan, sumangga badé dipasrahkeun atanapi badé diical ka saha? Leres, alam dunya teu karaos muter, nanging pikiran urang sadaya ayeuna karaos pisan muterna.


Rounded Rectangle: asahan	: batu paranti ngasah
badéga 	: juruladén
guyub 	: saluyu, sahaté
indit	: angkat, miang
léngsér	: kabayan raja baheula dina carita-carita pantun
logojo 	: tukang ngalaksanakeun hukuman pati
pancén	: bagian, nu kudu dilaksanakeun ku rahayat
rajakaya 	: raja, harta
Nyungsi Harti
Maham Eusi Drama
Pikeun maham eusi bacaan di luhur, pék jawab ieu pananya di handap!
1)        Saha nu ngomongna bari dipirig kawih jeung gending?
2)        Ari Si Kabayan néangan batu asahanna keur naon?
3)        Ceuk Si Kabayan hirup mah ulah lalajo jeung dilalajoan, nya euy!
Numutkeun hidep naon maksudna kekecapan Si Kabayan kitu petana!
4)        Saha ari tokoh utama dina drama nu judulna “Batu Asahan Keur Saha” téh?
5)        Kira-kira naon patalina antara aya sora Friedrich Wilhelm Nietzshe, aya sora liberalisme klasik, Sareng, aya sora Si Kabayan dina éta carita drama téh?

Pedaran Ngeunaan Drama
CARITA DRAMA

Drama téh nyaéta carita atawa lalakon nu diwujudkeun dina wangun pagelaran pikeun dipintonkeun. Garapan utama drama mah nyaéta ayana naskah nu jadi dadasar pintonan drama. Tapi aya ogé karangan drama nu ngan wungkul diajangkeun pikeun bacaeun disebutna closet drama. Sok sanajan dina genre sastra Sunda mah nepi ka kiwari can kasabit-sabit.
Karangan drama mibanda ciri-ciri; ngagunakeun kalimah langsung, palakuna leuwih ti saurang, gelarna paguneman mangrupa omongan palaku nu silihtépas, naskah drama biasana dibagi kana sababaraha babak atawa adegan.
Nepi ka kiwari gelarna drama di tatar Sunda geus aya deui drama dina wangun séjén nyaéta monolog nu mangrupa omongan hiji jalma, padahal geus ti mimiti dipikawanoh nu disebut drama suara atawa gending karesmén nyaéta drama nu dialog-dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun. Jadi parapamaén kudu bisa tembang atawa kawih, dina genre sastra séjén mah meureun disebutna téh kabarét.
Kiwari drama di tatar Sunda ogé aya nu disebut drama modérn atawa téater, nu umumna ngalalakonkeun kalakuan manusa sacara réalistis. Sedengkeun ari sandiwara mah kaasup drama lisan, hartina drama nu teu maké naskah. Biasana ngalalakonkeun carita wayang, roman, babad, jeung desik (lalakon ti nagara Arab, saperti carita Amir Hamzah).

Téater téh nyaéta drama nu mangrupa pintonan lalakon dina panggung sarta mibanda opat fungsi, di antarana:
1.         Wahana ritual sabab awalna mah gunana pikeun kagiatan ritual, kaagamaan, jeung sakral.
2.         Alat hiburan, sabab téater dipaké panglipur kalbu, ngaleungitkeun kasumpek haté.
3.         Pintonan, sabab mangrupa pintonan hasil karya sastra.
4.         Kedaling (éksprési), jadi ku ayana téater jalma bisa ngedalkeun eusi haté, pikiran, jeung rasana ka jalma lian ku cara ngaragakeun atawa metakeun peran-peran nu tangtu.
Salian ti kitu, téater bisa pikeun ngébréhkeun rupa-rupa unsur-unsur saperti a) lalakon (naskah drama), b) pamaén, c) sutradara, d) pagelaran, e) kru produser (production crew), f) properti, g) nu lalajo (nongton).
Sangkan bisa akting nu alus
Palebah dieu tangtuna hidep kudu bisa akting nu alus pikeun diajar drama dina pangajaran basa Sunda, sok komo mun seug hidep boga karep jadi aktor nu kaconcara siga sélébriti. Ku kituna aya sababaraha dadasar pikeun padoman akting pikeun aktor nu alus, di antarana:
1.         Pamolah teu kaku, teu dijieun-jieun (overacting),
2.         Guneman (dialog) teu dijieun-jieun,
3.         Ucapan (vokal) kudu écés,
4.         Gambaran watek (karakterisasi) kudu kajiwaan,
5.         Pasemon jeung rindat (éksprési beungeut) kudu wajar tur ngayakinkeun,
6.         Bisa ngamangpaatkeun sakumna situasi pentas jeung properti,
7.         Paham kana sababaraha hal, diantarana
a.       kudu boga sadar kana ayana wangun,
b.      latihan maca,
c.       ngawasa sarana pentas,
d.      watek salaku motivasi pikeun plot,
e.      bobot peran, jeung
f.        madukeun kesan sacara gembleng. 
Latihan ngaragakeun (maén peran)
Saméméh hidep prung merankeun drama, tangtuna waé kudu aya heula prosés pikeun ngahontal akting nu alus téa. Hartina hidep kudu ngawasa sababaraha téhnik ngaragakeun (maén peran/pemeranan), di antarana:
1.         Téhnik muncul nyaéta cara midang di panggung merankeun tokoh carita, kaayaan awak, tipe watek, sikep, gerak awak (gesture), jeung umur nu diperankeun.
2.         Téhnik ngeusian nyaéta cara pamaén merankeun drama bari ngajiwaan peran katut eusi caritana.
3.         Téhnik mekarkeun nyaéta cara pamaén midangkeun drama sangkan hirup nepi ka karasa tur katingali siga enya-enya kajadian.
4.         Téhnik nyusun klimaks nyaéta cara nyuguhkeun puncak carita nepi ka nu lalajo ngarasa kahudang rasana (bungah, sedih, gereget, jsté).
5.         Téhnik méré tekenan nyaéta cara pamaén midangkeun carita ku cara nekenkeun babagian carita nu dianggap penting ku sora nu bedas, ngagorowok, jsté.
6.         Téhnik méré témpo nyaéta cara pamaén ngucapkeun dialog, naha gancang atawa anca, jsté.
7.         Téhnik wirahma maén nyaéta cara pamaén ngedalkeun dialog ku wirahma nu keuna, iraha sorana naék jeung iraha sorana turun.
8.         Gaya maén nyaéta cara pamaén nu mangrupa aprésiasi kana naskah nu rék diperankeun.
9.         Téhnik méré ajén (bobot) nyaéta cara pamaén ngajénan atawa meunteun alus goréngna carita.
Sangkan hidep nambahan pangaweruh ngeunaan drama, pikeun ngagampangkeun nyangkem drama, hususna dina merankeun drama mah hidep bisa waé ku cara apal heula kana unsur-unsur drama nyaéta:
1.         Téma nyaéta poko pikiran nu aya dina eusi carita. Jadi hidep bakal bisa ngayahokeun lalakon drama naon nu bakal dipintonkeun sabada maca atawa ngalalajoan éta lalakon tepi ka tamat. Patali jeung eusi carita atawa lalakon tadi, téma drama bisa dipasing-pasing deui jadi drama komédi, drama tragédi, jeung mélodrama.
a.       Drama komédi nyaéta asalna tina istilah komédi nu dipaké pikeun drama nu pungkasan caritana kabagjaan pikeun palaku utama (happy ending).
b.      Drama tragédi nyaéta drama nu midangkeun adegan-adegan nu penting tur serieun sarta nu balukarna cilaka, sedih, asor, kaniaya pikeun palaku utama.
c.       Mélodrama nyaéta mimitina mah istilah mélodrama téh dipaké pikeun sakur pagelaran nu dipirig ku musik, kaasup opera. Kiwari mah dipaké pikeun drama nu réréana ngolah konflik batin, ngolah adegan nu ngagambarkeun gerak galura aworna rasa.
2.         Palaku atawa “penokohan” dina drama téh ngaran-ngaran jalma katut pasipatan nu ngalalakon dina carita drama. Patali jeung kalungguhan dina carita drama, palaku bisa dibagi jadi tilu rupa, nyaéta
a.       Palaku utama nyaéta palaku nu nyekel peran utama dina carita ti awal nepi ka ahir, biasana ogé disebut palaku protagonis.
b.      Palaku pangbantu atawa pameran pangbantu nyaéta palaku nu peranna mantuan, marengan atawa jadi lawan pameran utama, biasana ogé disebut palaku antagonis.
c.       Palaku panambah biasa ogé disebut palaku figuran nyaéta palaku nu teu pati penting peranna, upama dibanding jeung palaku utama katut palaku pangbantu.
3.         Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nu nuduhkeun di mana éta kajadian téh lumangsungna. Ari latar waktu mah nu nuduhkeun iraha éta kajadian téh lumangsungna.
4.         Alur, galur atawa plot nyaéta rakitan rupaning kajadian nepi ka ngawujud jadi leunjeuran carita.
5.         Amanat nyaéta pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ka nu lalajo dina pintonan drama.
6.         Dialog atawa paguneman nyaéta wangun poko dina drama. Sabab dina drama mah nu jadi utama dina karangan drama téh apan tulisan dina wangun paguneman atawa dialog.
7.         Prolog nyaéta pangjajap kana carita drama nu ditepikeun saméméh lumangsungna carita drama dipintonkeun. Eusina mah diantarana katerangan ngeunaan tempat jeung waktu, ringkesan carita, jsb.
8.         Épilog nyaéta bagian pamungkas dina lalakon, nu eusina méré koméntar nu leuwih jauh ngeunaan ahir carita, dialog nu diucapkeun ku salahsaurang aktor ka parapanongton dina ahir pagelaran carita drama.
Ieu di handap aya sababaraha naskah drama Sunda jeung pangarangna nu kungsi dipagelarkeun:
1.         “Batu Asahan Keur Saha? Beunang Wahyu Wibisana.
2.         “Tonggérét Banén” beunang Wahyu Wibisana.
3.         “Sirung Pajajaran” beunang Yoséph Iskandar.
4.         “Tanjeur Pajajaran” beunang Yoséph Iskandar.
5.         “Maharaja Prabu Siliwangi” beunang Yoséph Iskandar.
6.         “Raja Wales” beunang R. Hidayat Suryalaga.
7.         “Pundén-pundén nu Rarempag” beunang R. Hidayat Suryalaga.
8.         “Masyitoh” beunang Ajip Rosidi.
9.         “Rajapati” beunang Ahmad Bakri.
10.     “Juag Toéd” beunang Yoséph Iskandar.
11.     “Dalem Cuké” beunang Yoséph Iskandar.
12.     “Sémah” beunang Yoséph Iskandar.
13.     “Sangkuriang” beunang Utuy Tatang Sontani.

Naskah gending karesmén jeung pangarangna, diantarana:
1.         “Ruhak Pajajaran” beunang R.A.F.
2.         “Yaomal Kiyamah” beunag R.A.F.
3.         “Mundinglaya Saba Langit” beunang Wahyu Wibisana.
4.         “Galunggung Ngadeg Tumenggung” beunang Wahyu Wibisana.
5.         “Sarkam-Sarkim” beunang R. Machyar Anggakusumah.
6.         “Babad Cikundul” beunang R. Méméd Sastrahadiprawira.
7.         “Si Kabayan” beunang Mang Koko Koswara.
8.         “Si Ujang jeung Doraémon” beunang Wahyu Wibisana.
9.         “Geber-geber Hihid Aing” beunang Wahyu Wibisana.
10.     “Purbasari Ayu Wangi” beunang R. Hidayat Suryalaga.
11.     “Pahlawan Samudra” beunang Mang Koko Koswara.

Rounded Rectangle: Pancén

Larapkeun kana kalimah nu merenah kecap-kecap di handap!
1.         akting
.......................................................................................................................................
2.         sutradara
.......................................................................................................................................
3.         panggung
.......................................................................................................................................
4.         lalajo
.......................................................................................................................................
5.         alur
.......................................................................................................................................
6.         paguneman/dialog
.......................................................................................................................................
7.         gesture
.......................................................................................................................................
8.         babak/adegan
.......................................................................................................................................
9.         pasemon
.......................................................................................................................................
10.     properti
.......................................................................................................................................


Rounded Rectangle: Latihan Soal  

Pilih salah sahiji jawaban nu pangbenerna!
1.         Karangan sastra winangun dialog anu dipidangkeun caritana atawa lalakonna, ngagunakeun dialog atawa obrolan di anatara tokoh-tokohna disebut …
A. Longsér                                                                   D. Carita Drama 
B. Sandiwara                                                              E. Gending Karesmén
C. Wangkongan
2.         Drama nu judulna “Tukang Asahan” beunang karangan saha …
A. Ahmad Bakri                                                         D. Wahyu Wibisana 
B. Éddi Tarmidi                                                           E. R. Hidayat Suryalaga
C. Téddy AN Muhatadi
3.         Drama nu judulna “Pasaran” beunang karangan saha …
A. Ahmad Bakri                                                         D. Wahyu Wibisana 
B. Éddi Tarmidi                                                           E. R. Hidayat Suryalaga
C. Téddy AN Muhatadi
4.         Drama nu judulna “Raja Wales” beunang karangan saha …
A. Ahmad Bakri                                                         D. R. Hidayat Suryalaga
B. Éddi Tarmidi                                                           E. Wahyu Wibisana
C. Téddy AN Muhatadi
5.         Gending Karesmén nu judulna “Yaomal Qiamah” beunang karangan saha …
A. Rd. Kartabrata                                                      D. D. Suriasaputra
B. R.A.F.                                                                       E. R. Hidayat Suryalaga
C. M.A. Salmun
6.         Gending Karesmén nu judulna “Pahlawan Samudra” beunang karangan saha…
A. Mang Koko Koswara                                          D. Wahyu Wibisana
B. R. Machyar Anggakusumah                            E. R. Hidayat Suryalaga
C. R. Méméd Sastrahadiprawira
7.         Bagian pamungkas dina lalakon, nu eusina méré koméntar nu leuwih jauh ngeunaan ahir carita, dialog nu diucapkeun ku salahsaurang aktor ka parapanongton dina ahir pagelaran carita drama disebut naon ...
A. épilog                                                                       D. alur atawa galur
B. dialog                                                                       E. amanat
C. prolog
8.         Nu dimaksud prolog dina drama nyaéta ...
A. Bagian pamungkas dina lalakon                    D. rakitan rupaning kajadian
B. Pangjajap kana carita drama                           E. pesen nu rék ditepikeun ku pangarang
C. Wangun poko dina drama
9.         Kaasup téhnik naon cara pamaén merankeun drama bari ngajiwaan peran katut eusi caritana dina raraga latihan ngaragakeun drama téh?
A. téhnik ngeusian                                                   D. téhnik klimaks
B. téhnik mekarkeun                                              E. téhnik wirahma
C. téhnik muncul
10.     Disebut karangan drama naon nu ngan diajangkeun pikeun bacaeun wungkul?
A. gending karesmén                                             D. monolog
B. téater                                                                       E. closet drama
C. longsér

Tidak ada komentar:

Posting Komentar