Sabtu, 01 Maret 2014

Sawer

SAWÉR
Sawér  nya éta  salasahiji adat urang Sunda mangrupa warisan karuhun baheula saméméh masarakatna ngagem agama Islam. Sawér  téh digelar dina runtuyan upacara kariaan kawinan jeung nyunatan. Tujuanana pikeun mapatahan ka pangantén atawa budak sunat. Biasana sawér téh dihariringkeun  ku juru kawih atawa ku  nu ngadangdanan pangantén
atawa budak sunat téa, henteu ku basa lancaran sarta basana maké basa siloka anu miboga harti leuwih teleb.
Sawér aya nu diwangun ku opat padalisan dina sapadana, tapi aya ogé anu mangrupa dangding . Anu opat padalisan nyoko kana pupujian atawa sisindiran, sedeng nu mangrupa dangding nyoko kana aturan Pupuh. Pupuh anu dipaké umumna Kinanti, Sinom jeung Dangdanggula. Sanggeus masarakat Sunda ngagem agama Islam, sawér  masih digunakeun ngan rumpaka bubuka aya nu robah
.
Conto Rumpaka Sawér Pangantén  Saméméh Islam
Pun sampun amit paralun,
Ka Batara ka Batari,
Nu di luhur nu di handap,
Nu ngageugeuh bumi langit,
Di buana panca tengah.
Nu ngajaring beurang peuting,

Conto Rumpaka Sawér Pangantén Sabada Islam
Asalamualaikum,
Neda widi nya ka Gusti
Neda berkah ka Pangéran
Rék ngawih pupuh Kinanti
Kuring seja mapatahan
Pangantén pameget istri




Conto Sawér budak sunatan
Kasép ieu téh piwejang,
Poma tengetkeun ku Ujang
Masing éling sapapanjang,
Awon ulah katarajang.
Sing émut waktu dikandung,
Di guha garba nyalindung,
Salapan bukan dikandung
Dirajah ku lagu kidung.
Sabulan eukeur ngahérang,
Tilu bulan geus sampurna,
Genep bulan geus mangrupa,
Tujuh bulan hidep usik.
Nitih bali nincak jadi,
Nepi ka salapan bulan,
Nya gubrag hidep ka dunya,
Sang Ratu Guyubud Putih.
Ibu anu kahéséan,
Sabab boga kalakuan,
Jadi ibu katempuhan,
Malah rajeun kasusahan.
Peuting Ibu loba nyaring,
Sabab Ujang sok ngarungsing,
Duh poma teuing anaking,
Kanyaah ka Ibu cangking.
Mun Ujang kulem tibeurang,
Ibu tara betah nganjang,
Ku sabab ka ujang melang,
Ujang ka Ibu sing nalang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar