Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken -ar-



Rarangkén -ar- mangrupakeun salah sahiji rarangkén tengah (en:infix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén -ar- nambahan harti 'loba' kana anu dituduhkeun ku kecap dasarna.
Salian ngarobah harti, rarangkén -ar- ngalaman parobahan sora (alomorf) jeung posisi jadi rarangkén hareup, gumantung kana sababaraha hal.

Rarangkén -ar-: parubahan sora (en:alomorf)
Robah jadi
nalika wangun dasarna...
Conto:
-al-
dimimitian ku l-
lieur + -ar- --> lalieur
leuleus + -ar- --> laleuleus
ditungtungan ku -r
bageur + -ar- --> balageur
pinter + -ar- --> palinter
ngabogaan konsonan gabung (kluster) anu aya sora r,
saperti: br, tr, cr, kr, pr, jr, jeung dr.
kecrék + -ar- --> kalecrék
gombrang + -ar- --> galombrang
ar-
dimimitian ku vokal
asup + -ar- --> arasup
ulin + -ar- --> arulin
ra-
ngan saengang sarta dimimitian ku konsonan
cleng + -ar- --> racleng
beng + -ar- ---> rabeng

Tidak ada komentar:

Posting Komentar