Sabtu, 01 Maret 2014

Wawaran Pangajaran



Pangajaran 5
Nepikeun Wawaran
Baca galantangkeun di hareupeun kelas ieu wawaran di handap!
Wawaran 1:
Parawargi warga RT 03!

Sakumaha nu kauninga, dina danget ieu warga di lingkungan urang parantos aya tiluan anu katerap panyakit “demam berdarah”.
Kantenan baé urang kedah énggal-éngal nyegah ieu panyakit sateuacan nyebar ka mana-mana. Upami diantep tangtos bakal beuki seueur warga anu janten korban.
Jalaran kitu, énjing dinten Minggu tabuh dalapan, sakumna warga di lingkungan RT 03 kedah ngiring kagiatan gotong royong beberesih. Urang badé meresihan solokan sareng tempat-tempat anu biasa dipaké tempat nyayang reungit. Sakantenan éta tempat-tempat reungit téh ku urang badé disemprot nganggo DDT supados reungitna musna sama sekali.
Sakumna warga mugi nyandak parabot ti bumina masing-masing, kayaning: pacul, arit, sapu, sareng nu sanésna.
Sakitu wawaran ti sim kuring salaku RT 03. hatur nuhun kana perhatosan ti warga sadayana.
(tina buku Sabasa 7A (Revisi) kaca 49 – 50)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar