Sabtu, 01 Maret 2014

Kecap Rundayan



Kecap rundayan dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap.
Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda
Rarangkén hareup:
N-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti- ba- ting- pada- si- sang-
Rarangkén tengah:
-ar-, -um-, -in-,

Rarangkén tukang:
-an, -eun, -keun, -na,
Rarangkén barung:
ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika--eun, sa--eun,
Kotak ieu: temposawalaédit
Aturan rarangkén basa Sunda jeung kumaha conto cara ngalarapkeunana, bisa ditoong dina Poesaka Soenda (PS) No.4-6 Oct-Dec 1924 [1]. Tétéla ku cara ngarundaykeun, hiji kecap dasar bisa jadi puluhan kecap. Komo deui upamana digabungkeun jeung ngarajék.
Daptar eusi
[édit] Rupa-rupa Rarangkén
Dina basa Sunda, aya opat rupa rarangkén:
  • Rarangkén hareup
  • Rarangkén tengah
  • Rarangkén tukang
  • Rarangkén barung
[édit] Rarangkén hareup
Rarangkén hareup (en:afix}), nyaéta rarangkén anu ngantét dihareupeun kecap dasarna.
[édit] Rarangkén tengah
Rarangkén tengah (en:infix), nyaéta rarangkén anu nyalusup ditengaheun kecap dasarna.
[édit] Rarangkén tukang
Rarangkén tukang (en:suffix), nyaéta rarangkén anu ngantét ditukangeun kecap dasarna.
[édit] Rarangkén barung
Rarangkén barung (en:confix), nyaéta leuwih ti hiji rarangkén anu dipakéna babarengan, anu upama dileungitkeun salah sahiji, éta kecap jadi euweuh hartina.

[édit] Conto
Contona, tina kecap serat bisa dirundaykeun jadi :
Kecap
Katerangan
Kecap
Katerangan
Kecap
Katerangan
1.

30.
diseratkeunana
15 + -na
59.
disareratna

2.
nyerat
N- + 1
31.
kaseratkeunana
16 + -na
60.
kasarerat

3.
diserat
di- + 1
32.
silihseratan
silih- + 5
61.
kasareratna

4.
kaserat
ka- + 1
33.
silihseratanana

62.
nyareratan

5.
seratan
1 + -an
34.
silihseratkeun

63.
nyareratanana

6.
nyeratan
N- + 5
35.
silihseratkeunana

64.
disareratan

7.
diseratan
di- + 5
36.
panyeratan

65.
disareratna

8.
kaseratan
ka- + 5
37.
panyeratanana

66.
disareratkeun

9.
paseratan
pa- + 5
38.
pangnyeratkeun
pang- + 14
67.
disareratkeunana

10.
serateun
-eun + 1
39.
dipangnyeratkeun
di- + 38
68.
sarerat
1 + -ar-
11.
piserateun
pi- + 10
40.
dipangnyeratkeunana

69.
sareratna

12.
pinyerateun
pi- + 2-eun
41.
pangnyeratankeun

70.
sarerateun

13.
seratkeun
1 + -keun
42.
dipangnyeratankeun

71.
sarerateunana

14.
nyeratkeun
2 + -keun
43.
dipangnyeratankeunana

72.
sarerataneun

15.
diseratkeun
3 + -keun
44.
serataneun

73.
sarerataneunana

16.
kaseratkeun
4 + -keun
45.
serataneunana

74.
sareratkeun

17.
seratna
1 + -na
46.
seratkeuneun

75.
sareratkeuneun

18.
nyeratna
2 + -na
47.
seratkeuneunana

76.
sareratkeuneunana

19.
diseratna
3 + -na
48.
mangnyeratkeun
N- + 38
77.
pipaserataneun
pi- + pa- + 44
20.
kaseratna
4 + -na
49.
mangnyeratkeunana

78.
pipaserataneunana

21.
seratanana
5 + -na
50.
mangnyeratankeun

79.
pikaserateun

22.
nyeratanana
6 + -na
51.
mangnyeratankeunana

80.
pikaserataneunana

23.
diseratanana
7 + -na
52.
sinerat
1 + -in-
81.
pidiserateun

24.
kaseratanana
8 + -na
53.
sineratna

82.
pidiserateunana

25.
paseratanana
9 + -na
54.
barangserat
barang- + 1
83.
pimangnyeratankeun
pi- + 50
26.
serateunana
10 + -na
55.
barangseratan

84.
pimangnyeratankeunana

27.
piserateunana
11 + -na
56.
nyarerat
2 + -ar-
85.
pimangnyeratkeun

28.
pinyerateunana
13 + -na
57.
nyareratna

86.
pimangnyeratkeunana

29.
nyeratkeunana
14 + -na
58.
disarerat




[édit] Sumber
  1. Garapan KBS 1924 anu dimuat dina Poesaka Soenda No. 4-6 Oct-Dec 1924. [[1]]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar