Sabtu, 01 Maret 2014

Kecap Kantetan

Kecap Kantétan (Basa Sunda)
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kecap kantetan nya eta dua kecap atawa leuwih anu dikantenkeun atawa dihijikeun nepika ngawangun hiji kecap mandiri nu mibanda harti nu beta tina unsur-unsur pangwanguna.
Kecap kantetan kabagi dua nya eta: 

1. Kecap Kantetan Rakitan Dalit Kecap kantetan rakitan dalit nya eta kecap kantetan anu teu bisa diasupan ku kecap sejen diantara unsur-unsur pangwanguna. Saupama diasupan ku kecap sejen dintara unsur-unsur pangwanguna matak ngarobah kana harti asalna! contona: Gede Hulu, pangjang leungeun, hampang birit, kokolot begog, jrd. Istilah "Gede Hulu" nu asalna ngandung harti "Sombong atawa Adugung adiguna" saupama diasupan kecap sejen dintara kecap-kecapna bisa ngarobah kana harti asalna. contona diasupan kecap "jeng" jadi "gede jeung hulu" hartina lain sombong deui tapi "gede" jadi hiji istilah pikeun ukuran, sedengkeun "hulu" istilah pikeun salasahiji anggahota badan nu ayana pangluhurna.
2. Kecap Kantetan Rakitan Anggang Kecap kantetanrakitan anggang nya eta kecap kantetan anu bisa diasupan kecap sejen diantara unsur-unsur pangwanguna. Saupama diasupan ku kecap sejen diantara unsur-unsur pangwanguna moal matak ngarobah kana harti asalna. Contona: Domba Garut, Tahu Sumedang, Jeruk PAlembang, jrd. Saupama Intilah "Domba Garut" diasupan kecap panyambung "ti" diantara unsur-unsur pangwanguna Jadi "Domba ti Garut", eta kadua kecap teh hartina sarua atawa teu robah sok sanajan geus diasupan ku kecap sejen diantara unsur-unsur pangwanguna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar