Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken in

Rarangkén -in- mangrupakeun salah sahiji rarangkén tengah (en:infix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén -in- ngawangun wanda kecap pagawéan jeung sipat. Upama kecap dasarna kecap pancén, rarangkén -in- ngabogaan fungsi jadi mamanis kecap.
Rarangkén -in- teu ngalaman parobahan sora (en:alomorf) atawa posisi kawas rarangkén -ar- atawa
-um-.
Rarangkén -in-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
pagawéan pasif
“geus kakeunaan ku...”
tinulis, sinerat, ginanjar
pagawéan aktif
“aya dina kaayaan...”
pinanggih
sipat
“nu siga...”
sinatria, pinandita
pancén
lain harti anyar, tapi jadi 'mamanis'
tinangtos, sinareng

Tidak ada komentar:

Posting Komentar