Sabtu, 01 Maret 2014

Rarangken ting-pating



Rarangkén ting- atawa pating- mangrupakeun salah sahiji rarangkén hareup (en:afix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén ting- ngawangun wanda kecap pagawéan aktif jeung kecap sipat.

Rarangkén ting- teu ngalaman parobahan sora (en:alomorf) kawas rarangkén N- atawa -na.
Rarangkén ting-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
pagawéan aktif
"(loba nu) ngalakukeun ..."
[pa]tinggerendeng, [pa]tinggorowok, [pa]tingcikikik, [pa]tingcéréwét
sipat
"loba jeung tutuluyan atawa bareng dina kaayaan ..."
[pa]tingkaretip, [pa]tingsérédét, [pa]tingburinyay

Tidak ada komentar:

Posting Komentar