Sabtu, 01 Maret 2014

Sisindiran rarakitan



Sisindiran; Kumpulan Rarakitan
Rarakitan téh mangrupa salah sahiji wangun Sisindiran. Rarakitan asalna tina kecap “raket” anu méh sawanda jeung kecap “deukeut”; bédana ari raket mah hartina leuwih deukeut atawa dalit. Anapon anu raketna dina ieu hal nyaéta raket sadana atawa sorana antara cangkang (sampiran) jeung eusi (isi).

Wangun Paparikan téh méh sarua jeung Paparikan. Dina sapadana diwangun ku opat padalisan kalawan unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Padalasisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedengkeun padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusina. Padalisan kahiji murwakanti jeung padalisan katilu, sarta padalisan kadua murwakanti jeung padalisan kaopat.
Anapon bédana Rararikan jeung Paparikan nyaéta lebah puhu padalisana. Dina Rarakitan mah kecap dina puhu padalisan kahiji (cangkang) dipaké deui dina puhu padalisan katilu (eusi), sarta kecap dina puhu padalisan kadua dibalikan deui dina puhu padalisan kaopat (eusi). Beunang disebut ogé yén Rarakitan mah puhu padalisana papak atawa sarua, teu béda ti rakit, ngaran kandaraan cai anu dijieun tina éntépan kai atawa awi.
Teu béda jeung Paparikan, Rarakitan ogé aya nu watekna “piwuruk” atawa “piwulang”, “silih asih” atawa “birahi”, jeung “sésébréd” atawa “banyol/heureuy”.
Piwuruk
Lain bangban lain pacing
lain kananga aduna
Lain babad lain tanding
lain ka dinya kuduna
Lamun urang ka Cikolé
moal hésé tumpak kahar
Lamun urang boga gawé
moal hésé barangdahar
Lamun urang ninun kantéh
ulah resep maké poléng
Lamun urang leutik kénéh
ulah resep ngomong goréng
Meunggeus diangir ku Jeungjing
geura ganti ku Kihiang
Meunggeus pelesir ti peuting
geura ganti ku sambéang
Mihapé sisir jeung minyak
kadé kaancloman leungeun
Mihapé pikir jeung niat
kadé kaangsonan deungeun
Mun engké mesék kalapa
pasti butuh ku cipati
Mun hadé ka indung bapa
pasti diasih ku Gusti
Masing asak-asak ngéjo
bisi tutung tambagana
Masing asak-asak nénjo
bisi kaduhung jagana
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
nu guna dunya ahérat
Silihasih
Abong-abong abdi bonténg
seubeuh diacar diangeun
Abong-abong abdi goréng
seubeuh disangsara deungeun
Batur mah dibaju hideung
kuring mah kabaya baé
Batur mah dipikatineung
kuring mah sangsara baé
Daék sotéh ka Cinangka
ka Cisitu mah teu purun
Daék sotéh ka manéhna
ka nu itu mah teu purun
Hayang teuing buah hiris
teu bisa ngasakanana
Hayang teuing ka nu geulis
teu bisa ngakalanana
Ka mana nya nyiar payung
sakieu panas poéna
Ka mana nya nyiar duyung
sakieu panas haténa
Mun teu tulus ka paseukna
ka pacirna ogé hadé
Mun teu tulus ka lanceukna
ka adina ogé hadé
Sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan
Sugan téh kukupu hideung
singhoréng sirama-rama
Sugan téh kukuh mitineung
singhoréng kamana-mana
Tibatan jalan gang buntu
mending gé ka Baros baé
Tibatan abdi dipalsu
mending gé teu cios baé
Sésébréd
Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpun jéngkol
Aya rangda gogoakan
katinggang ku hulu kohkol
Ka mana nya nyiar kulit
hayang seubeuh sesewiran
Ka mana nya nyiar duit
kayang seubeuh pelesiran
Rarasaan melak cau
teu nyaho mun melak jahé
Rarasaan matak lucu
teu nyaho mun matak réhé
Rarasaan ngala mayang
teu nyaho cangkeuteuk leuweung
Rarasaan konéng umyang
teu nyaho cakeutreuk hideung
Majar manéh cengkéh konéng
kulit peuteuy dina nyiru
Majar manéh lengkéh konéng
kulit beuteung mani nambru
Sok hayang nyaba ka Bandung
sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
sok hayang nyaho nyentakna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar